BELAJAR BAHASA SUNDA Kumpulan paribahasa 1. Abong biwir teu - TopicsExpress



          

BELAJAR BAHASA SUNDA Kumpulan paribahasa 1. Abong biwir teu diweungku, abong letah teu tulangan = jelema nu ngomongna sakarep arep,ngomong teu jeng wiwaha 2. Adep hidep = kumawula (ka salaki) 3. Asa dipupuk birus = ngarasa tibra hate 4. Asa ditonjok congcot = ngarasa atoh dumeh meunang rejeki atawa pikabungaheun anu teu disangka- sangka 5. Asa kagunturan madu kaurugan menyan bodas = kacida bungahna jeung kacida bagjana 6. Asa katumbu umur = ngarasa atoh ditulungan dina keur kasusahan 7. Asa nyanghulu ka jarian = teu ngenah rasa,lantaran kudu ngadunungan ka jalma nu sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna. 8. A sa peunggas rancatan = leungiteun batur nu nalang dina pagawean 9. Asa rawing ddaun ceuli = mindeng ngadenge omongan nu teu ngenah 10. Atung eneh atung eneh = kitu-kitu keneh bae 11. Awak sabeulah = randa nu hirup imah-imah sorangan 12. Awak sasampayan = jangkung leutik atawa lenjang atawa jangjing, pantes make baju 13. Awewe dulang tinande = awewe mah biasana kumaha kahayang lalaki 14. Aya astana sajeungkal = datangna ajal mah teu gumantung ka umur 15. Aya bagja teu daulat = menang bagja tapi teu jadi kaberkahan atawa henteu tuluh meunang bagja 16. Aya di sihung maung = loba hubungan jeung gegeden, jadi babari meunang pitulung 17. Aya kelong newo-newo = aya nu ngusutkeun(ngarorocet) hiji perkara anu geus beres pisan 18. Aya nu dianjing cai = aya nudiheroan 19. Aya piker kapingburi = aya piker atawa rasa nu timbul pandeuri 20. Bias kabala kabala = bias campur jeung jelema ti rupa rupa golongan atawa bias digawe kasar jeung lemes 21. Biwir nyiru rombengeun = resep nyaritakeun cece bocek jeung anu saenyana kudu dirusiahkeun 22. Bobo sapanon carang sapakan = teu puguh undak usukna,teu puguh entep seureuhna 23. Bobor karahayuan = katarajang apes, cilaka, atawa meunang kasusah 24. Bobot pangayon timbang taraju = pangadilan, timbangan anu adil 25. Bodo alewoh = bodo tapi daek tatanya 26. Bodo katotoloyo = bodo jeung teu daek tatanya 27. Boga piker rangkepan = henteu bolostrong, henteu ujug ujug percaya kana omongan batur anu amis 28. Bogoh nongecang = bogoh sosoranganan, teu dilayanan, ambon sorangan 29. Bosongot bade amprotan = dipikagimir, pasemon jagoan 30. Bujang jengglengan = jajaka tulen sarta tegep 31. Bujang tarangna = lalaki nu can kawin geus teu bujangan deui 32. Buburuh nyatu diupah beas = diajar bari meunang tunjangan, meunang dua rupa kauntungan 33. Buncir leuit loba duit = taya kakurang 34. Bur beureum bur hideung, hurung nangtung siang leumpang = hirup taya kakurang, salilana ginding 35. Buruk buruk papan jati = burung palung dulur sorangan = sanajan ngewa atawa ngambek ka dulur, tapi ari menang karerepet mah teu weleh haying nulungan 36. Caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan = rido pisan, taya geuneuk maleukmeuk dina hate 37. Caang padang narawangan = caang piker 38. Cacarakan = kakara diajar, tacan bias bener 39. Cadu mungkuk haram dempak = sumpah yen bener-bener embung ngalampahkeun salahsahiji perkara 40. Caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket = taki-taki ngajaga kaamanan 41. Ceuli lentaheun = sadenge-dengena, sanajan lain dengekeunana 42. Ceplak Pahang = satarabasna teuing, kajeun teuing matak teu ngenah kana hate batur oge 43. Ciduh jeung reyhak = sarua gorengna atawa sarua goring adat 44. Clik putih clak herang = rido, iklas, kaluar tina hate anu bersih 45. Deukeut-deukeut anak taleus = sakitu deukeut teu nyaho yen baraya atawa teu nyaho kajadian penting padahal deukeut 46. Dibejerbeaskeun = dieceskrun, ditetelakeun, dijentrekeun nepi ka bubuk leutikna 47. Dibeuweung diutahkeun = dipikir dibulak balik 48. Didagoan ku seeng nyengsreng = didagoan ku pangabutuh rumah tangga atawa pangabutuh sapopoe 49. Dihin pinasti anyar pinanggih = sagala rupa nu kaalaman ayeuna, saestuna geus ditangtukeun ti heula ku pangeran 50. Disuhun dina embun-embunan = ditarimakeun pisan 51. Ditangtang-tengteng dijieun bonteng sapasi = digulang gaper 52. Dogdog pangrewong = milu nyarita minangka estra 53. Dosa salaput hulu = loba pisan dosa 54. Dug hulu pet nyawa = digawe beurat meh taya eureuna 55. Elmu ajug = elmu nu teu dipake ku sorangan, ngan saukur mamatahan batur 56. Elmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna = hirup kudu bari nyiar elmu pikeun kasalametan dunya aherat 57. Euweuh elmu panungtungan = elmu mah moal aya beakna sanajan nepi ka ajal oge 58. Galak sinongnong = mimiti aya sir ka awewe, tapi teu wani adu hareupan 59. Galak timburu = babari timburuan 60. Galegeh gado = sareseh, serewel, someah, akuan 61. Gede-gede ngadage = gede awak tapi euweuh kawani 62. Gede gunung panaggeuhan = boga baraya atawa sobat luhur pangkat, gede dunya anu dipake andelan 63. Gede hulu = adigung 64. Gemah ripah low jinawi = gegek cacah jiwana sarta raharja 65. Gentel keak = meh tara lesot (budak ti indungna) 66. Genteng-genteng ulah potong = sanajan hasilna teu sabaraha keun bae tinimbang luput 67. Gereges gedebug = ngalampahkeun pagawean teu di piker panjang heula 68. Getas harupateun = babari ambek 69. Geus aya dina pesak = kakeupeul, geus kanyahoan rusiahna 70. Geus aya kembang-kembangna = geus aya anu nimbulkeun harepan kana hasil nu dimaksud 71. Geus bijil bulu mayang = geus baleg 72. Geus cueut ka hareup = geus kolot, geus liwat tengah tuwuh 73. Geus karasa pait peuheurna = geus kaalaman sagala rupa nu ngenaheun atawa nu matak susah 74. Geus turun amis cau = geus mangkat beger ( awewe) 75. Gindi piker belang bayah = goring hate 76. Ginding bangbara = resep ginding jeung royal ngarah katingal ku batur 77. Ginding kakampis = ginding tapi teu boga duit 78. Goring peujit = goring hate 79. Goring sisit = goring milik 80. Gugon tuhon = kukuh, satuhu 81. Gulak giluk kari tuur, herang-herang kari mata,teuas teuas kari bincurang = asal beunghar jadi miskin,teu boga naon-naon 82. Gunung tanpa tutugan sagara tanpa tepi = taya wates wangena 83. Gurat batu = kukuh, teguh tangtungan 84. Gurat cai = teu puguh jangjina, sok robah tangtungan 85. Hade gogog hade tagog = hade basa , budi parangi, jeung sikep ; nyaho tata titi ISTILAH PATUKANGAN Patukangan teh nyaeta anu boga pagawean atawa anu purah migawe hiji pagawean . Istilah dina bahasa sunda diantarana : Anjun : tukang nyieun parabot tina taneuh Amil,lebe : Tukang nuruskeun nu aya patalina jeung Agama di desa Badaya : Awewe tukang ngigel di karaton atawa di kabupaten Bujangga : tukang nyieun/ nulis carita Barangmaen : Tukang jajaluk Bengkong : Tukang nyunatan Candoli : tukang ngajaga pabeasan di nu kariaan (biasana awewe) Dalang : Tukang ngalakonkeun carita wayang Gending : tukang nyieun parabot tina kuningan Indung beurang : paraji nu sok ngurus ngajuru jeung ngurus orok Kabayan : tukang dititah ka dittu da dieu Kajineman : 1) mandor sakitan, 2) tukang ngajaga jinem (nu dihukum) Kamasan : tukang nyieun parabot tina emas atawa perak Kabojengkeng : tukang ngagusur padati Kulaer : kusir anu tumpakna dina kuda kareta pangagung Kuncen : tukang ngurus kuburan Legig : tukang ngasruk dina pamoroan Lopor : Tukang ngagondeng jeung ngereunkeun kuda Malim : tukang nalukkeun sasatoan Masinis : Tukang ngajalankeun lokomotip Maranggi : tukang nyieun landean jeung sarangka keris Merebot : tukang nakol bedug Nayaga : Tukang nabeuh gamelan Nyarawedi : tukang ngagosok permata O’ah : Jago Tukang ngagugulukeun teu ecreug Pakacar : bujang, juru laden Palatuk : iber anu tumpak kuda saheulaeun pangagung Paledang : tukang nyieun parabot tina tembaga Palika : tukang teuleum (ngala lauk) Pamatang : tukang moro (nu sok ngagunakeun tumbak) Pamayang : tukang ngala lauk di laut Panday : tukang nyieun parabot tina beusi Paneresan : tukang nyadap Paninggaran : tukang moro Panyumpit : Tukang nyumpit Sarati : tukang ngusir gajah ISTILAH PANCAKAKI Pancakaki the nyaeta perenahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya kene
Posted on: Fri, 30 Aug 2013 04:19:16 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015