Kacaritakeun aya saurang awewe sales kencantikan ngadatangan imah - TopicsExpress



          

Kacaritakeun aya saurang awewe sales kencantikan ngadatangan imah mang Samad nu katelah jalma jarang ngomong,,,mun ngomong ge paling saperluna,,eta ge mun ditanya tiheula,,,si sales rek nawarkeun alat kecantikan sajabaning lipstik,,wedak,,jg sajabana,,,harita teh mang samad keur sila dibale bari ngopi jg udud, sales :punten pa abi bde nawiskeun alat kecantikan ka istri bapa sugan sareng sugan istri bapa bade ngagaleuh,,,,,,aeh,,,enya dupi istri bapa kamana ayeuna pa? Mang samad :indit,!*singket,,,bari ngareret sakeudeung,,,tuluy jongjon ngudud deui* sales :owh,,,,nya wioslah ku abi diantosan,, (aya kana 5 jam si sales ngadagoan pamajikan mang kasmad datang,,tapi nu didagoan acan jol keneh wae,,si sales ges teu puguh icing ret deui-ret deui asa beuheung sosongeteun ngadagoan nu acan datang,,kusabab ges ngarasa bosen ngadagoan si sales nanya deui ka mang samad, sales :punten pa,,,dupi istri bapa,,,inditna kamana nya?,, mang kasmad :ka kuburan,,maot! Si sales bari hate gendok,,,ngaleos bari jamedud bari kukulutus,,,atuh lain nyarita titatadi mun ges paeh,,,teu aing ngadagoan mang jam2,,,hoblog teh,,!
Posted on: Tue, 22 Oct 2013 06:42:08 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015