NAKER KETAK SAMEMEH BEAKEUN HEGAK Ngémploh pucuk-pucuk - TopicsExpress



          

NAKER KETAK SAMEMEH BEAKEUN HEGAK Ngémploh pucuk-pucuk entéh Mulas léngkob jeung lamping nu keur gumiwang Sapanjang jalan rumangsang muru hibar gebur beurang Hawar-hawar, kahariwang dilaungkeun kawih leuweung Sabot mipir jegir pasir jeung kaketir nangtang ringkang Lalaunan angin rintih ngusapan lengkah guligah Luak-léok ngitung tikungan Kalah kérok balas nyawang pulas haté jeung langitna Balitungan antara was-was mun nyorang lelewang jungkrang Jeung panggupay ti palebah mumunggang gunung MALABAR Padungdengan sabot méga katémbong beuki maleukmeuk Samar-samar nyidem hujan jeung guludug Beuki jauh nyusud waktu Bet kasarung satengahing kahayang nu pasulabreng Antara ngajuringkang ka landeuhkeun, ka sisi talaga CILEUNCA Atawa rék terus nyusul jangjang julang kumalayang nilar sayang Humandeuar ti tetelar ka tetelar nu horéng teu matak kelar Kalah awor jeung geuneuk kelun halimun Ngalulungsar di totowang Mépéndé rurungsing jantung nu gumuruh silantangan Sanggeus lawas ngaprak mangsa ngasruk tegal alimusa Beuki surti yén mumunggang panganggeusan ngancik dina sanubari Ngan kari ngaragap diri nu mindeng ngaberung mangprung Kari naker ieu ketak saméméh béakeun hégak (Pangaléngan, 09 September 2013)
Posted on: Fri, 20 Sep 2013 05:26:40 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015