Ngahiangna Pajajaran I Pantun Bogor Ngahiyangna Padjadjaran - TopicsExpress



          

Ngahiangna Pajajaran I Pantun Bogor Ngahiyangna Padjadjaran Pun ! Sapun ! Ka Pupuntjlak Agung Pamundjung Anu Agung Sang Rumuhun Hiyang Guru Agung Pangruhum Anu Nunggal di Kalanggengan Anu Langgeung dina Nunggalna Anu Ngabogaan Sakabeh Alam Anu Ngabogaan Sakabeh DJagat Paralun ! Sapun ! Ka sakur anu diluhur Ka Guru Hiyang Nunggal Ka Dewa njangking Kawening Ka Dewa ngagem Wewenang Ka Dewa nunggal Kawasa Ka sakabeh Nu kumelip, nu arusik, nu ngawararuga Dina wudjud sewing-sewangan Nu ngagelar, nu ngarumpay Nu narangtung, nu ngagantung Nu ngagulung, nu narangkub Nu nangkarak, ku ngarambat Ka sakabeh Nu kadeuleu teu karasa Nu kaambeu teu kadeuleu Teu kadeuleu tapi aya …. Ka sakabeh Nu ngaredag, nu lumampah Harirup djadi pangeusi Njaritjingna djagat ieu, alam ieu Paralun Sabab kaula eundeuk njatur Njatur pantun nu buhun Haneuleum tunda karuhun Handjuaneun anu marapay …. ! Paralun Matak kaula Ku sabab Padjadjaran didjieun tjarita Tapi disilok Ku anu sarieun Dipadjarkeun mumudja Dewa DJeung direka dirarobah Didjaridjieun-djieun Ka nu gariruk …. ! DJeung ku sabab Kaula njaho Engke djaga Baris datang deui djelema Loba menak loba pangkat Harayang diaraku deui Rawayan ti Padjadjaran Paralun …. Paralun ! DJin Iblis Setan markayangan Ipri Onom Dedemit DJeung djurig njiliwuri ! Rampes nun ! Lalinggih ! Ulah arobah tina sila Ulah arusik tina tjalik ! Bandungan dina djadjaran DJadjaran darekan karuhun Sebab kaula Eundeuk djadjararkeun tjarita TJarita Ti baheula Padjadjaran Ngadjadjarkeun djeudjeur sadjati Nu asalna Lain beunang ngareka-reka Tapi Di geularkeun ku karuhun Kana hate nu rantjage Hate saha ? Hate Sunda Nu sundana dina dani Nu danina dina hirup Nu hirupna sagala samar Nu samarna ngalaman deui Ngalaman djaman tjara baheula Boga Radja heunteu sulaya Paralun ! Bandungan ! Urang kotjapkeun ! Kotjapkeun ! Di nagara Padjadjaran Lain Padjadjaran nu kiwari ! Padjadjaran geh anu baheula ! Nu djadi Radja ? Gagah sakti kaliwat saking Nja Dia Anu ngarana Prabu Siliwangi Ari anakna ? Lobana tili kali salawe Da boangan Biangna geh Saratus pundjul satengah ! Tunda ! Urang njaritakeun hidji anak injana Nu sakti ngala ka aki Nu gagah ngala ka bapa Ari ngarana ? Ki Hiyang Santang Aria TJakrabuana ! Euweuh pantar Euweuh tanding ! Njarita injana ka si Lengser Uwa uwa ! Ngaing the ayeuna mah TJukup elmu djeung pangweruh ! Tapi hate ngaing heunteu betah djasa ! Sabab Geus lila euweuh teunggeulaneun Geus lila euweuh sepakeun Euweuh sanagara Euweuh musuh ngadjak rusuh ! Kumaha lawan the Ngan tinggal sia bae uwa ? Kuamaha amin ngaing njaba djauh Njiar lawan di nagara deungeun ? TJeuk si Lengser Ulah aden ulah ! TJeuk ki Santang Ku nahaeun diulah-ulah ? TJeuk si Lengeser Sabab amun aden miang ka buana luar Ka nagara njabrang lautan Engke dimana aden mulang Padjadjaran the ngan kari ngaran ! Tapi dasar peuteukeuh Teu beunang diulah – ulah Nja miang injana ka nagara sabrang lautan ! Paralun Keun Ki Santang sina njabrang ! Kotjapkeun ayeuna di karaton ! Karaton mana ? Karaton Padjadjaran Karaton Padjadjaran geh nu baheula ! Nu kiwari geus euweuh urut-urutna atjan ! Datang tjenah hidji utusan Mawa surat tilu gembolan ! TJeuk Radja Lengser ! TJeuk si Lengser Ke heula ! TJeuk Radja Kunahaeun make keheula ? TJeuk si Lengser Bisi tutung ! Pais bakatul Deuk njuguhan semah ! TJeuk Radja Heu’euh Beusi tutung ! Balikuen Ladju dia ka dieu Pariksa ku dia eta utusan ! TJeuk si Lengser Wah ! Teu mudu dipariksa deui Kula mah nendjo djelema Sarua djeunh neuleu manggis ! Njaho ti tjupat Njaho di eusi Irung kitu mah Geus tangtu moal njalahan deui Ditjitjingna sagede leledjing Dimotahna bisa sagede hondje Pandjangna bisa sa asta leuwih ! TJeuk Radja Lain djelema ! Suratna ku dia pariksa Ladju si Lengser mariksa surat Lobana tilu gembolan ! Mariksa … Mariksa … Lilana Tilo poe tilu peuting ! Awahing ku tunduh DJeung loba teuing surat nu di pariksa Si Lengser djadi nundutan Nundutan bari ngelay ! Lay lay Laaaaaaaaay ! Lay keuna surat Lay keuna badju Lay keuna mata utjing Nu ngaringkuk dina tumpukan surat ! Laaaay…lay…lay…laaaaaaaaay ! TJeuk Radja Teuin ! Da kula mah Apan teu bisa matja ! TJeuk si Lengser Kadieukeun ! Tah eta, Nu aya gambarab bentang eudjeung bulan ! Dorolong Radja matja surat Matja barian edeg Da ngarana geh Radja ! Buntjlik ! Molotot …… Mani sagede – gede kenong Da ngarana geh mata Radja ! TJeuk Radja E eh, e eh ! Ngomongna bari tetendjrag Tetendjrag datang ka eundeur Brong breng brang Sora ti dapur Tetenong ragag ti pago Da ngarana ge tetendjrag Radja ! TJeuk Radja Lengser ! TJeuk si Lengser Sumuhun dawuh ! Ngomongna barian njembah Ngan njembahna bari peureum ! Awahing ku tunduh ! TJeuk radja bari tetendjrag Brong bring brang Sora ti dapur Bareok pago Rungkad hau…. Da ngarana geh tetendjrag Radja ! TJeuk Radja Lengser ! Ieu surat didjempolan Ku Radja sebrang kulon ! Geuning Bet ngadjak rusuh ! TJeuk si Lengser Bebetkeun baeee ! Maenja Radja eleh ku surat ! Si Lengser ngomong bari njembah Njembah barian tukusruk Awahing ku tunduh Deuleu ! TJeuk Radja bari tetendjrag Borobot dapurna runtuh ! Da ngarana geh tetendjrag Radja ! Deuleu ! TJeuk dina surat Ngaing kudu di sundatan ! Mun teu nurut Padjadjaran baris dipagang TJeuk si Lengser Ulah Gusti ! Ulah daek disundatan ! Beusi disapatkeun ! Kara ngadjak perang mah Lawan baeeeeeee…..! Si Lengser ngomongna bari njembah Njembah na bari ngaringkuk Awahing ku tunduh Ambek Radja kabina-bina Matana mani molotot Molotot bubutjelikan TJara keuyeup ngadeuleu keukeuk ! Radja tetendjrag deui Nendjrag deui, nendjrag deui ! Mani eundeur sanagara Da ngarana geh tetendjrag Radja ieuh ! Pating dorokdok balandongan Pating bareok lawang saketeng ! Awahing ku tunduh ! Lengser ! TJeuk Radja bari tetendjreg deui Borobot Bareok Dorokdok Hag siah,……. Beak tah ayeuna mah ka imah mitoha-mitohana ! Nja eundeuk dikumahakeun ? Da ngarana geh tetendjreg Radja ! Ladjeung TJeuk Radja Lengser ! Ngaing teu mudu nurut ! Hayuh Takol bende ! Kumpulkeun sakabeh balad Urang layanan anu nantang ! Koredjat Si Lengser ngoredjat barian heuay Heuayna bari kuliat Kuliatna sabari peureum Awahing ku tunduh Koredjat Torolong…….. Si Lengser ngadjol ti kolong bale Karep injana deuk nabeyh bende, Lumpatna sabari peureum…… Awahing ku tunduh ! Dar der dor tarang tidagor Barendjol sagede djengkol Baruk pager diteumbrag Berewk djamangna soek ! Tapi si Lengser lumpat terus Bongan parenta Radja Dimudukeun nabeuh bende Nja lumpat Lumpat ka saung bende Ngan lumpatna sabari peureum Awahing ku tunduh ! Nja karuhan Mimiti anu kadupak Nini-nini deuk ngisikan Ladju Aki-aki deuk ka tjai Mani kababayan ! Ladju ngadupak deui Saung lisung pipir imah Bareok borobot gubrag ! Rubuh saung lisungna ! Heu ! Gubrag ! Si Lengser kaurugan saung ! Koredjat ! Torolong Si Lengser lumpat deui Lumpatna njunjuhun hateup Lain hidji hateup, dua hateup Tapi hateup sasaungeun ! Si Lengser lumpat Lumpat lumpat ! Lumpatna sabari peureum Nja karuhan ngadupak deui ! Mimiti tukang ngurut Balik ngurut nu kalingsir Ladju tukang endul Njuhun tutut deuk ka pasar Ladju tukang ttampayan Datang Ngan kari hidji anu weuteuh buleudna ! Njaeta Beuteung tukang tampayan ! Ngan dosol……..! Si Lengser lumpat terus Lumpatna lumpat dines Nu ngadjagang Ditaradjang Nu ngadjentul Disurudug Anu malang Tangtu di teunggar ! Da keur lumpat dines ! Limpat dines mah sedjen deui Heunteu tjara lumpat biasa lumpatna oge mudu sabari Tanggah da ngarana ge lumpat dines Ari sabari peureum geh, teu matak nahaeun Sabari peureum geh meunang Asal gagah bari tanggah beee ! DJeung teu meunang luak-lieuk komo sumpang-simpang mah ! Mun aya nu ngahalangan ? Mun aya nu ngagolan ? Amun munding ? Antjur di tampiling Amun badak ? Bakal utjutan kabeh tulang-tulangna Amun djelema ? Tanggung ngan kari ngaran ! Kumaha amun imah ? Nja njooooooompor ka kolongna ……! Tapi Sanadjan lumpat na lumpat dines oge Ari sabari peuereum mah Nja heunteu ka deuleu ku si Lengser Aya regag ngadjagang tengah djalan Ladju ngait keuna samping si Lengser ! Reg ! Rendeg ! Samping si Lengser ngait keuna regang ! Tapi lantaran keur lumpat dines Injana heunteu meunang eureun Si Lengser lumpat dines Lumpat bari ngabedol samping Tapi samping Ngait pageuh kana regang Ari regang ? Ngait deui keuna rudjuk ! Nja atuh kadjadianana Bolondjon beee si Lengser lesot tina samping TJara kumang tinggaleun imah ! Injana lumpat terus Lumpatna bobongkokan ! Sabana ? Kadjeun teuing ti tukang mah, Asal ulah tembong nu ti hareup beee…….! Nja karuha ! Ting tjeukeukeuk nu nareuleu Ear budak ararempak Ting tjikikik nini-nini Rame budak pada surak Nareuleu burut si Lengser Mani heran tjara berenuk ! Si Lengser lumpat terus …. Eureun-eureun soteh Injana naradjang tangkal djambe Mani nileup ! Lain tangkal djambe nu nileup Tapi si Lengser ! Nileupna tilu tileupan ! Tapi heran bolor injana mah peureum terus ! Nja atuh deuk dikumahakeun ari tunduh kenah mah ! Ladju injana rumpu-rumpa Nja aya anu karampa …. Karampa gugulantungan Piker si Lengser Bende leutik ! Kadjeun leutik geh Asal bende ….. ! Ladju ditakol ! Aeh aeh tjeuk injana Bet bende ngaberele ? Ari bray the mata injana dibeuntakeun Mani ngabuntjelik TJeuk si Lengser bari gigisik Singaing singaing ! Lain bende Geuning kandjut badot ki lebe ! Bende mah euweuh Mending geh ku lisung ! Ladju nitah ngumpulkeun lisung Saban lembur tudjuh lisung Ladju si Lengser nihtir Nihtir ! Nihtir ! Nihtir teu eureun-eureun Dua poe djeung sapeuting ! Eureun-eureun soteh Geus euweuhan tabeuheun Antjur lisung djadi suluh Ledis ka gaganden-gagandenna ! Ladju injana tjulak-tjileuk Sugan mitoha injana aya deukeut…. Teunggeuleum………..! Tidinja Si Lengser ngadeuheus ka Radja Leumpang na bari njegegeng Budjurna songgeng ka kentja TJangkengna bengkok ka kentja Taktakna dengdek ka kentja Leungeuna kengkong ka kentja DJeung mata teleng ka kentja Urut nihtir beurang peuting TJeuk Radja Kumaha Lengser ? Beres ? TJeuk si Lengser Beres ! Kitulah Lilana satengah bulan mah Di salikur lembur bakal mahal beas ! TJeuk Radja Baruk mahal beas ? TJeuk si Lengser Sabab euweuh nu narutu Lisungna ledis kabeh dipake nihtir ! TJeuk Radja Ngaing teu nguruskeun beas Nanja ogeh urusan perang ! TJeuk si Lengser Komo eta mah ! Leuwih ti beres ! Samemeh nihtir ogeh Balad geus taratondjolan Hayang paheula-heula perang ! TJeuk Radja Hade ari kitu mah ! Urang papag nu deuk ngarugrug ! Tapi Teu hade Mun perang di djero dayeuh ! Sabab Montong teuin elehna Nadjan di unggulna ge Loba banda kari urutna ! Nja eta Kaluluh ti waktu tarung Hade urang njabrang Perang di tegalan anu lega ! bari nanggoan pindah alam ! kotjapkeun balad Banten nu ngarugrugna bari naggoan balad ti wetan ! balad Banten ting araleut ngaleutna barian surak ! dipapag ku Si Lengser ! dipapag ku balad Si Lengser ! burubul musuh ti kaler dipapag ku balad Si Lengser ! burubul musuh ti kudul eudeuk njabrang ti pinanggading eta mah dipapag na ku Ki Raden Bagus Setra nu di bantu ku Rakean intju Si Lengser der perang perang, batur, perang deui ! perang na rosa djasa ! kadeuleu ku Si Lengser aya nu ngaringkang djangkung kuru, kulit hideung kawahuan ku Si Lengser tina tapak luah dina djubah injana ! tjeu piker Si Lengser : tuh injana si Langkawarah ! nu ti heula ngabedol kandjut ! ti heula sia make sorban ayeuna sia make kopeah beureum djiga petasan kari njeuneut tapi ngaing moal pangling ! der perang ! Si Lengser djeung nu djangkung kuru Perangna rosa djasa Saling tjabok, saling takol Saling sered, saling gegel Saling kadek, saling njekek Sa;ing rawel nu dibunian ! Perang, perang ! Perang sakuriling bungking ! Ngan Radja urang masih keneh keur ngawurkeun ! Perang, batur, perang ! Si Lengser perang na rosa ! Dating ka wayah serangenge njorot mantjeran ! TJeuk nu djangkung hideung : Ke, eureun heula ! TJeuk Si Lengser : Kunaha eureun heula ? TJeuk nu djangkung hideung : Ayeuna wayah lohor ! Ngaing mudu salat heula ! TJeuk Si Lengser : DJor ! Ladju nu djangkung hideung the salat lohor Ari Si Lengser ? Injana mah mumuluk heula Mani beak tilu boboko ! Anggeus salat, anggeus mumuluk Der perang deui ! TJeuk nu djangkung hideung : Wani ? TJeuk Si Lengser : Wani ! Der gulungan deui DJiga munding digulung lutung ! Perang rada lilaan Dating ka wayah sarangenge dengkek ka kulon TJeuk nu djangkung hideung : Ke, eureun heula ! TJeuk Si Lengser : Ku naha eureun heula ? TJeuk nu djangkung hideung : Ayeuna wayah asar ! Ngaing mudu salat heula ! TJeuk Si Lengser : DJor ! Nu djangkung hideung ladju salat asar Ari Si Lengser ? Injana mah ngagidig ka sisi susukan Ngawelu, mani tudjuh tumpukan ! Anggeus nu salat, anggeus nu ngawelu Ladju pahareup – hareup Pahogor hogor tjara kunjuk ! TJeuk nu djangkung hideung : Wani ? TJeuk Si Lengser : Puguuuuuh ! Nja der perang deui ! Perang na leuwih rosa ! Saling banting, saling tampiling ! Saling gorogod punduk ku haneu ! Dating ka wayah sarengenge eundeuy surup ! TJeuk nu djangkung hideung : Ke, eureun heula ! TJeuk Si Lengser : Eureun deui ? TJeuk nu djangkung hideung : Heu’euh ! Ayeuna geus wayah magrib Ngaing seuk salat heula ! TJeuk Si Lengser : Los ! Ongkoh meudjeuhna sanekala Beusi katondjok djurig ! Nu djangkung hideung ladju salat Si Lengser ladju sila tutug Sila tutug mentjetan bitis ! Ari silana ? Gigireun anu keur salat ! Saha nu njaho perang didjaman baheula ? Perang djaman baheula mah teu tjara perang djaman kiwari ! TJeuk nu djangkung hideung : Wani ? TJeuk Si Lengser : Keneh ! Nja der perang deui ! Ngan perangna heunteu lila Sabab matapoe anggeus surup Geus teu puguh deudeuleuan ! TJeuk nu djangkung hideung : Ke eureun heula ! TJeuk Si Lengser : Teu deuk ! Ma enja aya perang eureun-eureunan ? Pamali njong Mantak pandjang teuin lalakon ! TJeuk nu djangkung hideung bari tulak tjangkeng : Nadjan perang ogeh Ari aturan agama mah Ayeuna geus wayah isa Ngaing mudu salat ! TJeuk Si Lengser bari tulak tjangkeng : Sia, perang teh pieun Agama ? Dewek ogeh perang teu pieun Agama ! TJeuk nu djangkung hideung : Mantakna geh ! TJeuk Si Lengser bari mandelik : Salat mah urusan Agama, Perang mah urusan Nagara Perang sia ngan urusan Agama Tapi perang dewek Pieun Agama djeung Nagara ! TJeuk nu djangkung hideung : Hade ngaing teu meunang salat ! Tapi perangna mudu eureun heula Urang tuluykeun isukan bae ! TJeuk Si Lengser bari tutundjuk : Ku naha mudu isukan bae ? TJeuk nu djangkung hideung : Geus powek djasa ! Geus teu kadeuleu ! TJeuk Si Lengser : Damaran ! Ladju njieun obor ! Ari Si Lengser mah Oborna the diselapan tjabe rawit Lobana setengah kaneron ! Atuh barang geus disundut the Nu dieungkung hideung Bolor injana mani peuriheun DJeung ladju kabesekan terus ! Der perang deui Perangna mawa obor Saling sundut saling puput Saling sundut keuna kandjut ! Ladjuna mah Nu hideung the kawalahan Lain kawalahan perang na Tapi kawalahan ku gigisik Kabesekan djeung ngolol leho DJeung teu eureun eureun sisiduen ! Barang keur kabesekan deui Ladju injana ditubruk ku Si Lengser Ladju di tileupkeun Digulung ku djubah na injana keneh Digubeud didjieun buntelan Dipangkekna nja ku tasbe ! TJeuk Si Lengser bari njerengeh : Hag, siah ! Montong teuin salat subuh, salat isa geh Moal sia bias di Padjadjaran ! Ladju buntelan dibalangkeun ! Tapi lantaran Si Lengser Geus meh beak tanaga Nja buntelan the Murag na heunteu sabaraha djauh ! Muragna digunung sinalang kiwari ! Ngagulutuk njangsang di lebak ! Nja djadi sasakala engkena Di suku eta gunung Loba tjawene Nu ku bapa arinjana Dilakiankeun ka semah marake djubah ! Si Lengser ladju ngingking Ngagidig ka sisi Sipatahunan ! Ngagidik sabari keupat Keupatna keupat nu gagah Iket tjampay dina taktak TJara djawara meunang perkara ! TJeuk Si Lengser : Mantah geh Ari urusan Agama Didjieun lulugu Pieun ngurus nagara the Tah Sok kitu djadina TJara si hideung tadi ! Agama mantak tjambal Engkena djadi kawalat ! Nagara teu matak beres Engkena djadi padjeudjeut ! Urusan Agama djeung urusan Nagara Teu meunang di tjampur aduk Hadean mah direndengkeun Tapi Ulah patumpang – tumpang Mun Nagara geus padjeudjeut Ulah Agama didjieun gagaman Pieun ngabereskeun nu pabeulit Tapi Mun nu pabeulit haying leungit Nu padjeudjeut haying udar Nu di djieun gagaman teh ulah Agama Tapi Gagaman anu gede Takolkeun ka anu arumangkeuh Ari kuring bias ngaheunteuk Nagara ! Si Lengser ngagidig terus Ngagidig na gantjang teuin ! Ladju we injana tikudewat keuna areuy ……… Gabut ! Gorolong bae injana ka landeuhkeu, Ka lebahan Radja anu keur ngawur ! Urang kotjapkeun sisi leuwi Sipatahunan Radja urang keur ngawurkeun Awurkeunana saeutik deui Barang deuk ngawurkeun deui Kadeuleu ku injana Sisi leuwi sabrang wetan Dina ruhur tangkal djati Aya nu keur ngintip …. TJeuk Radja : E eh aya manusa ! Gorobas Gubrag ! Gorolong djiga kadu murag asak Reg, Eureun hareupeun Radja Rorowesan djiga peusing ! TJeuk nu djiga peusing : Lain Gusti ! Ieu mah Si Lengser, nun ! Mantas mitjeun buntelan ! TJeuk Radja : Ngaing geus njaho dia lain manusa ! Dia the Si Lengser Tapi itu tuh ! Di sabrang wetan aya nu ngintip Urang djieun lutung bae kituh ? TJeuk Si Lengser : Ulah Gusti ulah ! Sabab lutung mah aya kokodna ! Injana tangtu geus neuleu Engke dimana urg geus euweuh Tangtu injana udjap-adjap Ngemukan di ieu leuwi Keun kumaha kula bae Gusti mah geura ka tonggoh Tuh, musuh geus nanjakeun Gusti ! Ladju Si Lengser njokot popongkol howe Gedena sagede tjangkeng banteng ! Ladju dipalengpengkeun ! Keuna ka nu keur ngintip Palebah beungeut injana pisan ! Beletak ! Gadjabag ! Nu dipelengpeng salin rupa Injana djadi kalong ! Tah eta sabab-sababna Matak neupi kiwari Kalong teh DJeding bungusna ! TJeuk Si Lengser : Bongan sorangan Neuleukeun lain deuleun sia ! Tapi nadjan geus kadeuleu Sungut sia moal bisa njarita Kokod sia moal bisa njokot ! Ayeuna sia djadi kalong Tetep enggon sia dina tangkal ! Engeke Di mangsa nu bakal kasorang Sia bisa djadi djelema deui Tapi engke ! Amun ieu Nagara djadi sampalan Sisi leuwi ngadeg lembur Wetaneun kandang kebo bule Tah di eta lembur Sia bakal ngarundjakeun deui turunan Tapi tingkah laku injana Heunteu beda tina kalong ! Malah engke deui Bakal aya turunan sia ! Nu ngarana oge Si kalong ! Laku lampah injana Heunte beda tina kalong ! Ah eta sabab sababna nepi ka kiwari di kebon gede hutan samida loba bae kalong ! Urang tunda deui ! Urang kotjapkeun Radja urang ! Injana unggah ka tonggoh Ladju njabrang Der perang ! Rosa djasa Leuwih rosa ti nu ti heula ! Radja urang perang ngaganda ! Injana dihurup ku : Kai TJakra Kai DJaya Kai Asep Kai Tubagus DJeung dua bengkong Uwah mahmud Uwah bakar ! Tapi Radja Sunda heunteu keder Beuki loba nu ngahurup Meni rosa perangna Radja urang ! Datang ka eta genep djawara kulon djeung wetan Perangna mani enggeh-enggehan ! Ting gulilap kolepat pedang Ting djeleger sora tampiling Ting djalegur sora paneunggelan ! Matak torek Ngadenge sora nu ngareuhak ! Tunda heula ! Keun sina perang bari ngareuhak ! Ayeuna urang kotjapkeun Anu keur ngalanglang buana Saha ? Nja eta Sanghiyang Santang Aria TJakrabuana Nu gagah djeung kasep tea ! Ti Padjadjaran injana lologanti ngaran djadi Guriang Setra ! Mimitina nindakna ka Udjung Kulon Ladju njabrang lautan Unggah di sabrang kulon Di nu kiwari disebut tanah Lampung ! Ladju Ki Santang nanja ka urang lampung : Saha tah djagona di dieu ? TJeuk urang lampung : Di dieu mah teu boga djago ! Sabab djagona aya di sabrang Di Nagara Padjadjaran ! TJeuk Ki Santang : Nahaeun sababna ? TJeuk urang lampung : Urang dieu teh Baraya ka urang Padjadjaran ! TJeuk Ki Santang : Kumaha mimitina ? TJeuk urang lampung : Radja Padjadjaran ewean ka urang dieu, Ka njai Putri Gambir Sari ! TJeuk Ki Santang : Mun bener baraya, Saha djagona di Padjadjaran ? TJeuk urang lampung : DJago Padjadjaran aya dua Nu kolot djeung nu ngora ! Nu kolot ngarana Embah Lengser ! TJeuk Ki Santang : Anu ngora ? TJeuk urang lampung : Si Raden Si kasep Aria Padjadjaran Disarebutna Ki Hiyang Santang ! Ki Santang ngenah djasa angeun Ladju mere bako ka nu ditanja Ladju nindak deui Nindak Nindak Mingkin lila beuki djauh ! Nja andjog ka hidji dayeuh gede Leuwi gede manan tjiliwung ! TJeuk Ki Santang ka urang dinja : Ngaran ieu Nagara ? TJeuk nu ditanja : Paliman ! TJeuk Ki Santang : Kunaha ngarana kitu ? TJeuk nu ditanja : Sabab loba gadjah ! TJeuk Ki Santang : Pantes ! Sagala mani gede kieu Walunganana gede Tatangkalanana garede Dayeuhna ogeh gede Ngan djelemana Heunteu garede Sarua bae gadena djeung kula ! Tapi Radjana sagede kumaha ? TJeuk urang paliman : Meudjeuhna ! TJeuk Ki Santang : Dimana imahna ? TJeuk urang paliman : Tuh, imah nu panggedena ! Ladju Ki Santang nindak deui TJarita asup injana ka Karaton Kasampak aya djeulema gede Keur utjang angge dina bale ukir Balena bale gede didjieunna Tina tjaling gadjah Diukiran rupa gadjah Gigireun bale gede aneprok Nu gareulis djarede Garede geh Gede budjurna …… ! TJeuk Ki Santang : Dia tuh Radja di dieu ? TJeuk nu utjang angge : Heu’euh ! TJeuk Ki Santang : Saha ngaran dia ? TJeuk Radja : Prabu Liman DJaya Kentjana ! Eta ngaran kula Nu katjeluk ka tanah sabrang ! Ngaran kaula di dieu mah sedjen deui ! TJeuk Ki Santang : Ngeunah nja djadi Radja ? Prabu Liman DJaya Kentjana, Lain Radja sambarang Radja Tapi Radja nu rantjage Injana ngartieun Ki Semah the Eudeuk njiar gara-gara ! TJeuk Radja Liman Kentjana : Dimana lebah ngeunahna ? TJeuk Ki Santang : Tuh, lebah budjur-budjur nu darempok Sela pingping nu parungkil ! TJeuk Radja nu rantjage : Parungkil mah Ki Semah Tandana djagdjag waringkas Sabab tara tinggal ti djadjamu Dararempok ? Eta mah aya sabab na Sabab loba gawe bari tjingongo Ngored bari tjingongo Ngaredjo bari tjingongo Karihna bari tjingongo DJeung deui kitu buktina Nu biasa gawe beurat Sabab di dieu mah Nadjan ngaran nji putri Ngahuma the mudu bisa Ninun hayu, nutu hayu Tara djerih ka gawe beurat ! Tapi Ki Semah Saha ngaran dia DJeung naeun nu sedja ku dia ? TJeuk Ki Santang : Ngaran kula Guriang Setra Datang ka dieu Nja eta Eundeuk njiar pangabisa Eundeuk mulung pangaweruh Sabab di Nagara kaula Geus euweuh nu sarua eudjeun kula Saha djagona di ieu Nagara ? TJeuk Prabu Liman Kentjana : Di dieu mah euweuh djago ! TJeuk Ki Santang : Tilok tah ? Tilok di dieu Nagara euweuh lalaki ? TJeuk Prabu Liman Kentjana : Lalaki mah ngabadeg Tapi lain pieun djadi djago ! TJeuk Ki Santang : Pieun naeun atuh ? TJeuk Prabu Liman Kentjana : Pieun ngabnatu ngamakmurkeun Nagara ! TJeuk Ki Santang : Lain pieun ngalawan musuh ? Kumaha mun aya nu nangtang perang ? TJeuk Prabu Liman Kentjana : Perang mah tara datang saban mangsa ! Tapi makmur mah mudu saterusna Abeh Nagara salalawasna Gemah ripah sugih mukti Di ieu Nagara mah Mahmur the lain ngan dilamun Tapi mahmur nu karasa Sabab di dieu mah Adil teh lain omomg anu kosong Tapi adil anu bukti ! DJeung adilna Lain adil tjeuk Radja wungkul Tapi adil mun sapuk sakabeh somah ! Ku kituna Adil mahmur teh Di dieu mah Lain ngaran wungkul tjatur Lain ngan omong pangbebendjo Lain tjarita nu sulaya ! TJeuk Ki Santang : Kuamaha di dieu bisa kitu ? Kula hayang diadjar Teruskeun ka anak intju ! TJeuk Prabu Liman Kentjana : Dengekeun ! Di ieu Nagara Pagawe the garetol kabeh TJarukup ku pangaweruh Taliti dina pamanggih Laloba ngalaman DJeung djalembar pangabisa ! Tapi pangabisa Nu nguntungkeun ka somahna ! DJaba ti getol samuduna Oge teu meunang adigung garede hulu ! Teu meunang punta-penta ka somah Teu meunang njusah keun somah Teu meunang njingsieunan somah Teu meunang menta balenan ti sumah ! Teu meunang make maksa Sumawonna njingsieunan ! Tapi parentah teh Dirupakeun djadi pangadjak Nu kaharti asup akal Kapikir ku sakabeh somah ! Mun pagawe Bukti gawe heunteu bener Atawa ngan njugihkeun dirina wungkul Harita keneh ogeh digantung bari disisit ! Kumaha pagawe di Nagara dia, Ki Semah ? TJeuk Ki Santang : Di Nagara kula mah euweuh pagawe ! Kabeh teh djuragan kabeh ! TJeuk Prabu Liman DJaya Kentjana : Karunja temen nu djadi somah ! Tapi dengekeun ! Di ieu Nagara Nu buburuh tjukup upahna Di garawe bari narembang Sabab sebeuh saban hakan Nu tirani Laluasa tiranina Sabab hasil dibuatna Lain asal idjon ka Nagara ! Ku kituna TJaba ti bere Ogeh murah hakaneun ! Nu daragang Teu diadjar ku Nagara ! Tapi Nagara ngalobakeun pidagangeun Ku kituna DJaba ti bere Ogeh murah pidagangeun ! Ari pagawe Teu mudu sumpah saban pasar Meunang gawe bari tani Meunang gawe bari dagang Tapi tani anggeus gawe Tapi dagang anggeus gawe Ngan Amun tani amun dagang Teu meunang ngeunah sorangan Ku djalan Ngahalang-halang usaha somah ! Nu kapartjaya Ngadjalankeun parentah Nagara Garawena minang ka bapa Hartina Loba mere tara menta Merena ? Nja pangdjeudjeuh ! Mentana ? Tara menta pangabakti Pangdjeudjeuhna ? Lain ku omong anu kosong Lain djandji nu sulaya Tapi Ku djandji anu bukti Ku omong anu tembong Mun pagawe Rasa injana ku kawasa Punta-penta nitah bakti Baktina ngan pieun injana DJeung galak Ka sakur nu teu mere Ki Semah, Ki Semah Moal endeuk Nagara bisa Adil Makmur ! TJeuk Ki Santang : Heueueueuh ! Kula tarima meunang Padjadjaran ! Tapi bener-bener yeuh Di ieu Nagara euweuh djagona ? TJeuk Prabu Lingga Kentjana : Ari djago mah loba ! Tapi lain djago dina gelut DJago soteh dina bener ! Amun Ki Semah Radjang tarung Tuh ka ditu ! Tapi saeuntjana mah Teu mudu dia ngadjugdjug djeuh Sabab engke ogeh Bakal datang mangsa na Ku urang rabul djalema bule Tah eta pilawaneun dia ! Urang tunda deui Nanggoan datangna nu barule Urang tjaritakeun bae Ki Santang the ladju amitan Angkuhna deuk ngadjugdjug ka nu djauh Deuk neangan djelema bule Nja andjog ka sisi sagara ! Kadeuleu ku injana Laut motah ngadak-ngadak Lemah eundeur ruag-rieug Tinggeleger hawar-hawar ….. ! TJeuk Ki Santang : E eh ! Naheun ieu gara-garana ? DJeung kunaheun ? Ngadak-ngadak hayang mulang ? Kadeule di awang-awang aya mega madju ngidul Belesat ! Ki Santang ngapung ka mega Karep injana tumpak mega Tapi dina mega Aya mipit mudu amit Amun ngala kudu menta Amun numpang mudu njarita ! TJeuk Ki Santang bari ambeuk : Ulah sia loba batjot ! Dibebekkeun ieu mega ku dewek ! Ngeser ! Dewek moal numpang tjara lentah Tapi ngilu bari maray ! Tah duitna opat kandjut ! Kop djeung kandjut-kandjutna ! Geuwat dewek anteurkeun ka Padjadjaran ! TJeuk tukang mega sabari ised : Ari maray mah Sedjen deui urusanana ! Saenjana tjeuk aturan Heunteu meunang mawa tumpangan Sabab ieu teh mega dines ! Tapi ku duit mah Kula the heunteu buyut ! DJiga-djigana Dilembur dia mah Dia the djawara kedotan ! TJeuk Ki Santang : Kumaha dia njaho ? TJeuk tukang mega : Tina porongos ! Sarua djeung porongos tukang eta ! TJeuk Ki Santang : Tukang naeun ? TJeuk tukang mega : Tukang mariksa mega ngaliwat ! TJeuk Ki Santang : Kituh ! TJeuk tukang mega : Heu’euh ! Tukang mega mah Loba nu sarawan ! Sabab tukang mariksa mega Morongos sok satang ka tembong gugusi Mun tjan dibere pieun meuli sisig ! Tapi ari dia mah Ngilu numpang the Make maray ! Tanda djawara kedotan ! Heunteu tjara tukang mariksa mega Arinjana mah Ngilu ongkoh Menta duit ongkoh sakalieun teu menta duit Ari turun Tara nuhun-nuhun atjan ! Dasar kunjuk didangdanan Katjida ieu aingna Abong-abong keur kawasa ! TJeuk Ki Santang : Heu’euh ! Tapi edas bapa Loba djasa barayan teh ! seung, sing djongdjon diukna ! Ulah tukang teuin mega na geus butut DJeung djamakna Amun gudjlang gidjleng Puguh langit ayeuna mah legok-legok DJeung djamakna Heunteu bisa njanghundjar Sabab ieu the mega dines Paranti neang ma beurang Ari di kahiyangan Aya bidadari deuk ngadjuru ! DJeung njekelanana Ulah pageuh teuin Beusi utjutan tihang megana ! DJeung ulah sabari egeg Beusi tiporos Megana geus butut ! Urang longok Radja urang Nu dihurup ku musuh genepan ! Perang na rosa djasa Eta genep papatih Ku Radja urang ladju ditubruk Ladju di awut-awut Di luluh di gulung-gulung Di rampid djadi ngahidji Mani pating polondjon tina djubah injana Ting arenjut DJiga tetep lesot tina wadahna ! Ting arenjut sabuligir DJiga eungkuk pilegaeun Balad Banten Waktu neuleu kabeh papatihna Deuk di podaran ku Radja Sunda Heunteu taregaeun Ladju Reog wae ngaleut TJara sireum sirarange Ngagurumut Radja urang ! Atug mani haliwu Radja urang ! Nja harita opat patih Banten bisa budi Nja eta bengkong nu duaan Arinjana mah heunteu kaburu ! Sabab kaburu modar mantare ! Lain paraeh ku Radja urang Tapi Modarna Ditareunggelan urang Banten ! Sabab ku haliwu-haliwuna ngagurumut Urang banten the Teuteunggeulna Sateunggeul-tenggeulna bae ! Datang ka loba balad Banten Kararodjor TJigenden ku baturna keneh ! Urang tjaturkeun patih Banten anu opat Arinjana bisa budi Ladju ngoredjat bari ngarewel djubah ! Tapi Lantaran ngoredjatna bari haliwu Nja atuh ngarawel teh Sarewel-rewelna bae Heunteu arengeuh pahili djubah ! Ku haliwu-haliwuna Kai TJakra hanteu engeuh pahili djubah Kai DJaya hanteu engeuh pahili djubah Kai Asep hanteu engeuh pahili djubah Kai Tubagus hanteu engeuh pahili djubah Malah Kai Tubagus mah DJaba tipahili teh Injana hanteu eungeuh Make djubah the tibalik Nu pieun tjokor Dipake di ruhur Ari tjokorna Diasupkeun dina beuheung djubah ! Atuh leumpangna Mani tjiga nini-nini hudang ngadjuru ! Ninggang di Kai TJakra anu begang Nu karawel teh djubah godombrong Pakeun baturna nu djangkung gede Atuh barang dipake the Ka luhur leuwih sasiku Ka handap leuwih sadeupa ! TJeuk pikir injana : Bener sakti si Radja Sunda ! Ieu djubah mani kieu Ka ruhur teu kadeuleu langit Ka handap teu kadeuleu napak ! Nja gudubrak bae injana labuh Tikudewat Nintjak djubah pandjang teuin ! TJeuk pikir injana : Pandjang teuin ! Ngaing beubeurkeun ! Ladju djubah pandjang teh Dibeubeurkeun Digulungkeun luhureun tjangkeng Atuh tembong buraholna ! Der perang deui ! Perang rosa Perang rosa djasa Terus perang leuwih ti rosa djasa ! Radja urang Nadjan gagah nadjan sakti Tapi Ari diruhun digurumut mah Nja haliwu ogeh ! Nja kapaksa injana mundur Kadeseh ka beulah kaler Datang ka palebahan birit leuwi ! Tah di dinja Injana katubruk ku nu ngahurup Tapi Radja urang Ladju motah rosa djasa ! Nja ladjuna mah Gudjubaaarrr ! Radja urang ragag ka leuwi Gudjubar Kai Asep kabawa ragag Injana ngarawel djubah Kai DJaya Kai DJaya ngarawel djubah Kai TJakra Kai TJakra ngarawel djubah Kai Tubagus Tapi Lantaran djubah Kai Tubagus mah Dibeubeurkeun Nja nu ngarawel the Buraholna ! Nja gudjubaaarrr ! DJawara Banten djeung TJirebon nu opat Kabedol kabawa ragag Ladju perang di dasar leuwi Balad Banten eureun perangna ! Balad Padjadjaran areureun perangna ! Laladjo nu keur perang di dasar leuwi ! Nja djadina mah Euweuh nu perang di daratan Kabeh djaradjang teges Nareuleu nu galungan di dasar leuwi ! Kabeh pasedek-sedek ! Datang Euweuh nu areungeuh Balad Padjadjaran Njarelap di balad Banten Balad Banten Njarelap di balad Padjadjaran Eungeuh-eungeuh soteh Aya nu hitut ! TJeuk balad Padjadjaran : Hitut Banten yeuh ! Sedjen deui peledakna ! Ari injana ngalieuk teh Baruk geuning lain batur sakamandoran Tapi musuh Urang Banten ! Nja der perang deui ! Perang di daratan Perang di dasar leuwi Ting gulutuk sora batu Ting sareak sora koral Ting kiritjik sora keusik ! Burial ! Burial ! TJai kiruh ti dasar leuwi Umpalna neunggaran gawir ! Ngagulugur gawir nu urug Ngaguruh tangkal nu rubuh Tangkal djati garaged Sisi leuwi sabrang wetan Rungkad ambles kabawa palid ! Ari palidna ? Njarangsang di birit leuwi Tah di dinja Engkena teh bakal ngadeg hidji lembur Nu ngaranna di kiwari Bantardjati Urang tunda deui Sina djadi lembur bantar djati ! Urang kotjapkeun Ki Santang deui ! Kadeuleu ti awang-awang Palebah leuwi sipatahunan Loba djasa djelema keur saling genden ! TJeuk pikir Ki Santang : Boa-boa DJeung kadeuleuna DJiga lain somah ngaing kabeh ! Gadjleng ! Ki Santang luntjat tina mega Megana mani semplak sabeulah ! Sesemplakan mega nu beulah Murag ! Ragagna malang Njampai dina lamping Sakaleren gunung gede Engkena Dihandapeun ngadeug hidji lembur Nu kiwari disebutna Mega mendung ! Ladjukeun urang Ki Santang ! DJrut injana turun DJlig injana nepi DJung injana nantung Kadeuleu aya numpukan Ngagunuk tjara pitjung buruk ! TJeuk Ki Santang bari tulak tjangkeng : Nahaeun yeuh ? TJeuk nu nagunuk : Nu areleh perang ! TJeuk Ki Santang : Urang mana ? TJeuk nu ngagunuk : Padjadjaran ! TJeuk Ki Santang : Eleh ku saha ? TJeuk nu ngagunuk : Ku urang Banten ! TJeuk Ki Santang : Kunaha make areleh ? TJeuk nu ngagunuk : Litjik sih ! Katji ngegel tjeuli Njolok mata djeung njingkabkeun samping ! TJeuk Ki Santang : Lain litjik ! Eta tah aturan perang anjar ! Tapi kumaha sabab perang ? TJeuk nu ngagunuk : Ngabelaan Radja ! TJeuk Ki Santang : Di mana Radja ? TJeuk Nu ngagunuk : Tuh di dasar leuwi ! Keur dihurup ku opat urang ! Ki Santang teu loba deui tjatur Ladju injana tuturubun Ngadjubar ! Lep ! Injana teuleum ! Tapi sabab tjaina kiruh Teu kadeuleu Mana Bapa mana musuh ! TJeuk Ki Santang : E eh ! Mun neunggeul bari teu neuleu Bisa salah anu keuna ! Leuwih hade Ieu leuwi hade ngaing bedahkeun ! Nja der dibedahkeun Ka hilir tjiliwung guntur ! Ka girang tjiliwung surut ! Kotjapkeun anu garelut ! Heunteu areungeuh Sipatahunan mingkin saat ! Barang beak tjai kiruhna Ka deuleu ku Ki Santang Radja eundeuk diporeatkeun ! Teu antaparah ! Saebrur Radja direbut Lung di kadaratkeun ! Anu karebut musuhna Karuhan bae ambek djasa ! Kadeuleu ku arinjana Aya musuh anjar ! Ladju pating surungkuy Ting garebay Ngaradjol bari raranggeum Eundeuk njekek beuheung Ki Santang ! Ki Santang ngeunah seuri ! Ladju leuwi di kubek deui Kiruhna kiruh djasa Datang kaeuweuh nu bisa kadeuleu ! Ki Santang mah Injana ladju ngadapang Malang dina pamontengan ! Injana ditubruk ku opat patih Banten Tapi Ki Santang Njedjat bari ngagakgak ! Pamuntangan ladju bedah Njot buburialan ! Atuh katjeot Opat patih urang Banten ! Hulu injana ngadalagor batu Mani remuk ka batu-batuna Awak injana naleungar tjadas Mani raraungkad gawir-gawirna ! Nja mooooooooooodar ! Ladju paralid Ladju engkena njarangsang ! Anu saurang Dilebaheun kiwari tanah djelebut Anu saurang deui Di bilangan kiwari tanah bodjong gede Saurang deui Di bilangan kiwari tanah tjitayem Saurang deui Di bilangan kiwari tanah sawangan ! Tapi saha nu njarangsangna ? Saurang geh Datang ka iraha ogeh Moal aya nu njaho ! Lantaran waktu paralidna Marake djubah nu pahili Pahili ka pangkat-pangkatna ! Ngan bae Engkena kabedjakeun TJeunah mah djaradi karamat ! Ayeuna Urang teang Si Lengser Si Lengser karuhan sakabeh tukang pantun ! Barang balad Banten eureun perangna Barabg balad Padjadjaran nunda perangna Embah anis djeung embah anom Eudeuk areureun nunda perangna Ngan Si Lengser anu hanteu ! TJeuk Si Lengser : Eundeuk ka marana dia ? TJeuk Embah Anis : Deuk neuleu nu dipodaran di dasar leuwi ! TJeuk Embah Anom : Deuk neuleu nu dibeset di dasar leuwi ! TJeuk Si Lengser : Moal kadeuleu ! TJaina geh kiruh ! Mending geh, Urang ladjukeun perang urang ! Kapalang Tingal sadjurud deui ! Tapi Embah Anis deuk nodjok terus Emabh Anom ogeh deuk nodjok terus Ladju ku Si Lengser Emanh Anis didjenggut djambrongna Emabh Anom didjebak djabrikna ! Karuhan Mani pating tjaweuweuw ! Tapina Hanteu ngaralawan Sabab harayang laladjo nu perang di dasar leuwi ! Torolong bae duaan lalumpatan Lalumpat bari darongko Lalumpat bari susulumputan ! Lantaran hayang djarongdjon laladjona DJeung ulah kapanggih ku Si Lengser Nja laladjo teh Dibirit leuwi sabrang kulon ! TJaringgoooo bae ! Dina sisi gawir handapeun kopo Tunda deui ! Keun sina tjaringogo ! Kotjapkeun Radja Sunda djeung Ki Santang ! Geus harandjat deui ! Ladju ngabuburak balad Banten Mani ting alatjir paburisat DJiga rorongo dikebutkeun ! TJeuk Radja ka Ki Santang : Hadena Aden kaburu datang ! TJeuk Ki Santang : Mun teu kaburu ? TJeuk Radja : Mantak teuin lalakon pandjang Tah Ari geus paralid mah Moal bisa tjalutak deui ! Tapi sing aringet ! Nadjan arinjana Geus eleh dua kali Radjana mah Panasaran keneh ! Tangtu injana the Hayang keneh njilakakeun urang Njilakakeunana Moal ku djalan kasar Tapi ngakalan Ku djalan halus ! Bedjaan kabeh sanak, kabeh kadang Sing ti ayeuna keneh Pipir imah saimahna Beulah kentja nu di tukang Di hareup beulah katuhu Marelak Tangkal sente Pikeun tumbal keuna baradja !adju marelak deui Tangkal tjau emas Pieun tamba keuna wisaya Sabab kahareupna Musuh teh ngalawana Ku djalan guna wisaya Ku teluh eudjeung mudu Ku waredjit utah getih Njieun edan djadi sasar Gering nangtung ngaganggayong ! Tapi teu mudu sieun ! Mun aya nu keuna kitu Sambat bae bae ngaran bapa TJeluk bae ngaran dia Ladju mandian ku tjai Ti leuwi sipatahunan DJeung inuman Ku tjai Ti pantjuran tudjuh ! Ari djampena ? Sina diadjar bae ti Si Lengser ! Tunda deui ! Sina diadjar djampe teluh ka Si Lengser Kotjapkeun deui Si Lengser di tegalan ! Injana dagdag-digdig sorang bae Tulang tjangkeng bari tetendjrag Hahaok bari popolotot Ngareuhak bari kekerot Nantang musuh nu tingaleun kalang ! Kadeuleu ku injana Gawir urug, leuwi bedah Balad musuh loba nu paling ! Ngeunah djasa angen Si Lengser Gadag-gidig injana ka tengah tegalan Leungeun anu kentja Tulak tjangkeng njerengkebeng Nu katuhu Dikeupatkeun ngagandedjang TJara deumang eundeuk ngandjang Endeuk mogor ka anak mandor ! Ret injana ka kaler Leuweung djati urug saparo Mani ngemplong deudeuleuan Kadeuleu aya deui ngaraleut Nu areureun di birit leuwi Birit leuwi sabrang kulon ! Nu ngaraleut teh Ladju ngaromong djeung sesana balad Banten ! Tah lebah dinja Engkena tah nadeug hidji lembur Nu kiwari disebutna Pabaton ! Sabab urut ngumpul djeung badami ! Si Lengser ladju nabeuh bende ! Atuh Barang bende ditabeuh deui teh Mani beeeeedjat burarakan ! Ari tjeuli bende ? Mani ngatjleng Ragragna di leubahan nu kiwari djadi lembur Nu ngarana TJeuli beunde ! Kadenge ku Radja urang Ladju dihaokan TJeuk Radja : Nahaeun Lengser ? TJeuk Si Lengser : Musuh datang deui ! TJeuk Radja : Sabaraha ? TJeuk Si Lengser : Njaho teuin ! Teu kabilang Ngan ayeuna mah marake djendol ! Der perang ! Perang deui ! Perang Perang Perang batur, perang ! Leuwih rosa ti perang nu ti heula ! Perang djeung musuh nu anjar datang Perang djeung nu marake djendol Perang deui djeung sesana balad Banten ! Perang, perang ! Urang Padjadjaran Dihurup hidji musuh salikur Sabab urang Banten Dibantu ku balad ti wetan ! Lantaran balad musuh nu ti wetan Tambah deui tambah deui Nja kawalahan ogeh Radja urang Nja kawalahan ogeh Ki Santang Nja kawalahan ogeh Si Lengser ! Burubul musuh ti kidul Surudug Si Lengser ka kidul ! Burubul musuh ti kulon Surudug Si Lengser nangkis di kaler ! Burubul musuh ti wetan Surudug Si Lengser ngamuk di wetan ! Urang Padjadjaran perangna rosa djasa ! Sakabeh ngilu perang Aki-aki ngilu perang Nini-nini ngilu perang Karuhan nu ngarora mah Nu lelengeh ngilu perang Nu barudjang Ngalawanana galak djasa Sabab ku beubeureuh Mun ku musuh Nu sapotong dikeureut sapotong kimpoi the Endeuk moal didjadikeun ! Perang nu tjawene ? Leuwih giras ti tjangehgar Sabab arinjana heunteu sudi Mudu leungit anu njempil Ditjarokel make obeng ! Perang, batur, perang ! Mangkin lila beuki rosa Mangkin tambah balad musuh Beuki kawalahan Padjadjaran ……….. ! TJeuk Radja ka Si Lengser : Mun kieu terus-terusan Matak boa mudu mundur ! TJeuk Si Lengser : Entjan wayah ! Leuwih hade Urang ganti aturan perangna ! Urang make aturan anjar Nja eta Akeul dulang kadju samida ! Hartina Kadju seungit pieun ngukus ! Tegesna Amin djaya aya di urang Tangtu musuh bakal musna Tapi Amun apes papasten urang Paeh geh moal djaradi djurig Sabab sukma urang Diparenahkeun di kahiyangan ! Lantaran paehna urang Gara-gara Satuhu ka Sang Rumuhun Bela-pati ka Nagara ! TJeuk Radja : Kumaha ngaturna ? TJeuk Si Lengser : Geura tuturkeun ! Ladju Si Lengser ka tengah tegalan Burudul musuh ti kidul Suruntul Si Lengser ka kaler ! Burudul musuh ti kulon Suruntul Si Lengser ka kidul ! Burudul musuh ti kaler Suruntul Si Lengser ka wetan ! TJindeukna mah Perang tjara Si Lengser teh Datang ka lebur djagat tetempuran ogeh Moal deuk aya nu bisa nuri ! Sadupak-dupakna matak tjilaka Satubruk-tubrukna matak ripuh Satedjeh-tedjehna matak bengek Satintjak-tintjakna matak bohak Sarawel-rawelna matadj soek Nja karuhan Musuh mani paburisat ! Kumaha amun Burubul musuh ti wetan ? Suruntul Si Lengser ka tengah tegalan ! Amun musuh anggeus parek Si Lengser ladju nonggeng Bari nonggeng njingsatkeun samping ! Ku maha ari musuh ? Arinjana ladju bae kasima ! Sabab pikir arinjana Eta kandjut injana geus sagede kiiiitu … ! Tada teuin meureun gaganden injana mah … ! Nja ladju sakabeh anu nareuleu Si Lengser nonggeng Pada kalenger ! TJindekna perang tjara Si Lengser mah Datang ka iraha ogeh Moal endeuk aya nu niru ! Teu kabilang anu modar Teu kabilang anu rarusak …. ! Nu teu katibuk teu kadupak Teu katedjeh teu kasiku Ripuhna mah sarua baeeeee … ! Malahan arinjana mah Paraeh teh leuwih tjilaka ! Nja eta Molotot bari sambutut Bari leungeun marentjet irung ! Sabab Si Lengser Perang teh injana mah mamawa sigung … ! Urang mah, urang tempo Radja urang ! Nu keur perang dibantu ku Ki Santang ! Perang njana rosa djasa ! Datang ka tegalan sakitu legana DJadi heurin ku nu keur perang ……. ! Ting dorongkok tampal nu reuntas Ting bareok dapuran awi … ! Tegal lega Ngalegaan … ! Beuki lega beuki lega ……. ! Engkena di tegalan tadi perang, ngadeug lembur Nu kiwari disebut Tegal lega ! TJeuk tadi ogeh Urang Padjadjaran kawalahan ! Sabab nadjan gagah nadjan sakti ! Ari musuh Tambah deui tambah deui mah Lila-lia nja kawalahan djasa ! Radja urang kasedekeun ka beh kidul Ki Santang kasedeken ka beh kidul Ari Si Lengser ? Injana mah terus bae saradag sarudug susurudug ….. ! Barang njurudug deui the Kalangsu teuin …. ! Engeuh-eungeuh Injana tikatjubar di TJai Sadani Putjunghul injana timbul Alagag-euleugeg bari kabesekan Ladju Gurawil keuna gawir DJiga peusing unggah ka pasir ! Hanteu kanjahoan … Kadewek ! TJokor Si Lengser sadua-dua Ti lebak aya nu newak ! Heu ! Si Lengser aya nu ngabeubeutkeun ! Mani nambru djiga mandilaka dalu ! TJeuk nu ngabeubeutkeun sabari njareungir : Heheh ! Kapiheulaan njah ! TJeuk Si Lengser : Heueueueu … Euh ! Ladju injana endeuk ngalawan Ngalawan bari muranteng Bari muranteng keuna tjangkuwang ! Tapi ti lebak TJokor Si Lengser duanana Dibaredol sataker tanaga ! Ladju Si Lengser tetedjeh , Satedjeh kadia tedjeh ! Katilu tekeh mah Gubrag bae Si Lengser ngadjolopong ! Ladju disesered Digusur ka lebak deui ! Reg randeg Sabab Si Lengser muntang keuna tjangkuwang deui ! TJangkuwang geh tjangkuwang baheula lain tjangkuwang djaman kiwari ! Ladju pabedol-bedol …. ! Musuh ngabedol Si Lengser ! (Nyambung kanu bagean ka II.........................................)
Posted on: Sun, 04 Aug 2013 20:23:19 +0000

Recently Viewed Topics




© 2015