PARANTOS MEDAL: Dina obrolan-obrolan sérial Ua Haji Dulhamid: - TopicsExpress



          

PARANTOS MEDAL: Dina obrolan-obrolan sérial Ua Haji Dulhamid: Ronggéng Sajajagat, Leumpeuh Yuni, jeung Cobék Belut téh réa naséhat anu marunel sanajan eusina mah lolobana geus bari lantaran sering dipituahkeun ku para sepuh. Tapi ku sabab ditepikeunana ku Ahmad Bakri—ngaliwatan gunem catur antara Ua Haji jeung batur ngobrolna, di émpéran masjid atawa di imahna—diselapan ku heureuy anu has pilemburan, éta naséhat jeung pituah téh teu karasa mapatahan ka nu macana. Ari bahan gunem caturna umumna mangrupa pangalaman béh ditu, anu kaalaman ku Ua Haji jeung nu sapantaranana tapi henteu kaalaman ku nu séjén nu sok milu ngawangkong. Nya katapis ngadongéng jeung kaparigelan nyarita jadi salah sahiji kapunjul Ahmad Bakri dibandingkeun jeung para pangarang Sunda lianna.
Posted on: Fri, 04 Oct 2013 04:16:32 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015