Ringkesan nu dicutat tina Buku Patakonan jilid ka-6, karya KH. - TopicsExpress



          

Ringkesan nu dicutat tina Buku Patakonan jilid ka-6, karya KH. Hasan Mustappa.... mangga regepkeun: PATAKONAN PATAKONAN JEUNG JAWABNA I ADEG-ADEG Lamun jalma kudu ngagugu kabeh kana kahayang batur, tangtu ripuh nu ngagugu, ngeunah anu digugu. Lamun jalma embung ngagugu kana kahayang batur, tangtu ripuh anu hayang digugu, ngeunah anu embung ngagugu. Anu matak rapihna lamun silih guru, satengah jeung satengah, sakadar henteu ripuh salahsaurang. II 1. Mana anu bener: ceuk pribadi, atawa ceuk batur? Jawab: Henteu beunang disebut bener, lamun jalma rasana bener ceuk pribadi, sanajan salah ceuk batur. II. Henteu beunang disebut bener, jalma rasana bener ceuk batur, sanajan salah ceuk pribadi. Anu kahiji, éta jalma beurat teuing ka ahérat, nyaah teuing ka pribadi, kajeun dipikageuleuh batur. Anu kadua, beurat teuing ka dunya, henteu nyaah ka awak pribadi, hamo ngeunah batur. Tah anu matak guyur baé saumur-umur jeung pada batur nya ieu, marebutkeun perkara ieu, loba nu cilaka dunya ahéatna, sakur anu goréng timbanganan. Nu matak saumur-umur taya putusna ‘marebutkeun bener’; euweuh anu mertélakeun, tepi ka yaomal kiyamah. Saha anu geus yaomal kiyamah, tangtu bisaeun nyarita. III 2. Ari jalma aya salahna? Jawab: euweuh! Aya ogé misalahna jeung karep anu henmteu panujueun. 3. Ari jalma aya benerna? Jawab: euweuh; Aya ogé kabeneranana jeung anu panujueun. Anu matak jalma anu asak timbang tarajuna, sok nyebut ‘bener’ ka nu henteu dipikaresep ku pribadina. Eta ngan basa waé, moal hadé nyalahkeun séjénna deungeun. Ari nyebut ‘salah’, ngan basa waé, bisi keur diseja deungeun. IV 4. Naon hartina ceuk kitab; ‘Dunya’ téh tipudaya nyilakakeun? Jawab: enya, nu alamna dunya, nyilakakeun ka nu boga alam; buktina susaheun salawasna. 5. Enya, pajarkeun teu pira, ngan saeutik? Jawab: enya. Tanyakeun waé ka nu ngalaman, pokna: banda kurang, umur pondok, nyawa gagaduhan, banda sasampeuran. V. 6. Enya, hirup kudu boga timburu? Jawab: enya, bisi kabongohan deungeun. VI 7. Enya kudu papinter-pinter? Jawab: enya, keur silih akalan jeung deungeun! VII 8. Enya kudu bageur ka batur? Jawab: enya, sakadar ngarah kabuji batur. VIII 9. Enya majarkeun ‘ngarah dibales ku Pangéran ?” Jawab: enya, Pangéran dunya, atoheun, boga manusa bageur ka batur. IX 10. Enya kudu sieun cilaka dunya? Jawab: enya, bisai dinyenyeri, diseungseurikeun deungeun. jst.............!
Posted on: Wed, 12 Jun 2013 12:49:54 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015