Sardung: “Baheula mah barang nu dianggap anéh téh radio, nepi - TopicsExpress



          

Sardung: “Baheula mah barang nu dianggap anéh téh radio, nepi ka tatangga daratang ka imah nu bogaeun radio, rék milu ngadéngékeun siaranana.” Onah : “Tuluy torojol TV. Najan harita ngan ukur TV hitam putih, pada ngarogrog ku nu teu barogaeun.” Sardung : “TV geus teu anéh diganti ku internét. Di mamana boh budak boh kolot ngan OL jeung OL wé.” Onah : “Mun internét geus teu anéh bakal diganti ku naon nya?” Sardung : “Sigana mah bakal balik deui ka jaman baheula, boh budak boh kolot bakal ngariung deui hawu bari marubuy sampeu atawa mareuleum opak.”
Posted on: Wed, 24 Jul 2013 14:34:21 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015