Wilujeung enjing wilujeng tepang di kapal Icih Airlines. Kanggo - TopicsExpress



          

Wilujeung enjing wilujeng tepang di kapal Icih Airlines. Kanggo kasalametan urang sadaya, mugia diperhatoskeun ku sadayana : Sakedap deui kapal bakal hiber. Supados tong katorekan cocokan liang ceulina ku kapas atawa tutupan ku dampal leungeun, Waktos kapal rek hiber, diukna kudu ajeg,tong culang cileung kawas jelema nu rek maling martabak tuluy pasang beubeurna. Cara masang cara ngonci jeung carana nyoplokeuna kieu. (Diperagakeun ku Icih). Baju pelampung aya dina handapeun korsi, tong dipake heula, tungguan bewara ti Pilot Udin.Eta baju teu meunang dipindah2, komo deui mun dibawa balik atawa dipake pajangan di ruang tamu mah Sabab mun kapanggih bakal dicabok bulak balik/ tukang hareup Ngarti teu?! Cara make baju pelampung : asupkeun kana beuheung, siga make rompi, konci beubeurna ti hareup ulah tarik teuing, bisi kacekek/eungap, engke maneh teu bisa napas hos we paeh, Dikeukeupan mah meunang asal kelekna henteu bau Ngarah bisa ngambang dina cai, tarik eta cenul2 warna beureum jambu, kudu inget, narikna kudu di luar pesawat, sabab mun ditarik di jero, bakal melendung/gede, moal bisa ngaliwatan panto, bisa nyangked dina panto,ngahalangan batur nu rek lalar liwat, Mun rek kaluar ti pesawat ulah paheula2 komo silih jorogkeun mah kudu antri - ngabaris siga meri nu keur diangon. Lamun hawa geus mimiti kurang, napas jadi sesek, masker oksigen bakal ragrag sorangan ti luhureun sirah. Buru2 ditewak, hiji ewang, ulah parebut ngerakeun,ulah nyirikeun urang kampungna teh tuluy Pasangkeun kana irung Kartu pituduh darurat aya dina selesepan korsi hareupeun korsi, heg dibaca, teu kudu diapalkeun, bisi maneh gelo ngapalkeun anu kitu mah! Mun rek maca, pencet eta cenul2 di luhureun nyaeta keur ngahurungkeun lampu. Ngarti pan ?? Sakitu heula nya?! Sok ayeuna mah geura ngadoa kanu kawasa menta salamet, menta ampun mun loba dosa, Mun kapal ragrag mah nya wayahna wae, kudu kumaha deui, Keun bae da babarengan ragragna oge nya lain sorangan....
Posted on: Thu, 21 Nov 2013 04:59:16 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015