_OH_ Gumasép. Maké setélan saragam pagawé nagri. Dipalataran - TopicsExpress



          

_OH_ Gumasép. Maké setélan saragam pagawé nagri. Dipalataran parkir. Hareupeun kios roko. Sabot rék nyeungeut udud. Bangkieung. Katubruk kunu lumpat. Nyel ambek. Laju diberik. Jebrod. Diketig pundukna, satarikna. Bru. Nu lumpat nyungkruk. Laju dijejekan. “Copééét!” cék gorowok hiji awéwé nu kaluar ti supermarkét. Dua satpam datang, satengah lumpat. Nu hiji gancang ngabangkol nu ngajurahroh. Nu hiji deui ngalelemu uing, “Tos, tos, Dén, cekap. Hawatos.” Lar, mobil patrol pulisi Pamong Praja. Reg. Jrat-jrut. Nyampeurkeun satpam. Laju mawa lalaki nu pikakeuheuleun. Salah saurang nyampeurkeun uing. “Loh, Bapa lagi apa jam kerja disini? Ayo ikut naik juga!” Uing nyéréngéh, nurut ditaékeun kana mobil. Gék, gigireun nu pikakeuleun. “Dééén, lungsur. Tong ngiring nya da bageur!” cék satpam bari curukna miring diteueulkeun kana tarang. “Oh!” cék pulisi Pamong Praja, nu naékeun uing. “Oh.” Uing gé nurutan. Jrut tina mobil. Cekrés, laju nyeungeut udud. Serebung. Bari ngadelékan lalaki pikakeuheuleun, nu laju dibawa ku mobil patroli.
Posted on: Thu, 18 Jul 2013 15:16:18 +0000

Trending Topics



v class="sttext" style="margin-left:0px; min-height:30px;"> Operational Manager - Materials & Logistics at Maersk Oil -

Recently Viewed Topics




© 2015