huleng jentul di sisi walungan nempo oyagna tangkal kaso nu di - TopicsExpress



          

huleng jentul di sisi walungan nempo oyagna tangkal kaso nu di tembrak angin ka deudeuh tinu maha agung.ras inget kana wejangan eyang di dayeuh,ulah eureun ngarencanakeun najan teu saluyu hasil na jeung kahayang.ras kana carita katukan basa jangjian di pasir tangkorak jedak hate asa aya nu nengeul ,duh gusti nu maha agung, wirang di kolong catang jiga maung di opi peucang,luk tungkul gep kana batu beleweur di babetkeun ka tengah walungan, rehe jempe anging hiliwir angin nu nembrak tatangkalan nu kadenge,gap kana saku calana,kusiwel kertas sacewir di baca eusina,maneh ngan ukur ngajalankeun proses ,masalah hasil pasrahkeun kanu maha kawasa, ttd mama sepuh. Teu sawatara lila jungnangtung keclik indit ningalkeun patempatan nu rehe simpe.(lalampahan katukan di wahangan cikaso)
Posted on: Fri, 30 Aug 2013 04:16:55 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015