kamari afad tas di gunung gede ayena afad rek ngaramal pemirsa - TopicsExpress



          

kamari afad tas di gunung gede ayena afad rek ngaramal pemirsa orang sunda yeh Zodiak minggu ayena kumplit tong aya nu protes : 1. Pirgo - Pagawean nu cocok: dagang Lebu Hawu. Keuangan: hambur pisan. Asmara: teangan nu rada cageur. 2. Akuwarius - Pagawean nu cocok: Dagang Tutut. Keuangan: eureunan unjam injemwae. Asmara: Di tolak jeng di tolak 3. Piskes - Pagawean nu cocok: ngurek belut Keuangan: Ledeh, loba urusan pacorokokod,. Asmara: sok tara di anggap ku kabogoh, r teu pira pedah rorombeheun. 4. Aries - Pagawean nu cocok: tukang sol sapatu Keuangan:loba ngahutang, gaji kapotongan wae. Asmara:di omelan jeng di omelan ku kabogoh..eta pan mun ngajakan jajan teh nu mayar na sok nitah kabogoh 5. Tawurus - Pagawean nu cocok: Dagang Peyem . Keuangan: ulah darmaji = dahatr lima ngaku hiji Asmara: loba di usir ku calon mitoha...te pira ari ulin tara mawa udud 6. Gemini - Pagawean nu cocok: ngobor bangkong Keuangan: Bangkar, jujualan baju mitoha. Asmara: ucrat-acret teuing...kabogoh diditu-didieu, euweuh nu eucreug. 7. Kanser - Pagawean nu cocok: Nandur Keuangan: sakarat, tereh bangkrut. Asmara: Euweuh nu daekeun, modal ipis. 8. Leo - Pagawean nu cocok: dagang uduk. kos ma ijot kitu sarua Keuangan: ripuh pisan, teu saperak2 acan-. Asmara: benerkeun tah beunget heula 9. Libra - Pagawean nu cocok: niupan undur" di lebu Keuangan: Teu becus euweuh kabisa neang duit. Asmara: mun ulin ka kabogoh sok tara di bere cai 10. Sekorpio - Pagawean nu cocok: Moe huntu di buruan sakapeung Menerkeun kenteng batur. Keuangan: sarua jiga kamari boke, Asmara: boga kabogoh panyakitan 11. Sagitariyus - Pagawean nu cocok: Ngangon kebo . Keuangan: pamajikan ngadat menta tambahan resiko dapur. Asmara: sok di carekan wae ku mitoha..eta kan mitoha mandi sok di intip! 12. Kaprikoren - Pagawean nu cocok:dagang jamur. Keuangan: Pikawatireun, waspada debt kolektor! ngiridit motor pan can lunas Asmara hambar, kabogoh hoyong kejutan
Posted on: Sat, 06 Jul 2013 02:49:55 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015