*urang nyarita hla ah mugia katampi* Pendidikan moral dasar - TopicsExpress



          

*urang nyarita hla ah mugia katampi* Pendidikan moral dasar jeung agama di kampung lebih berkualitas katimbang di kota. Di kampung masih aya sakola agama. Masih keneh loba kampung-kampung termasuk di kampung uing. Ngaji tiap waktu memeh sakola (subuh) ngaji heula. Balik sakola tuluy ngaji deui ashar sakola agama. Geus magrib nepika isya ngaji deui. Paling baong budak leutik sok hareureuy nepika ceurik salah sahiji aya nu ceurik. Tapi ka kolot jeung ka guru hormat. Mun ninggali guru tikajauhan sok nyumput lain sieun tapi era. Mun ngobrol jeung guru tungkul tara nembal. Sok tinggal di kota komo do lingkungan komplek. Jarang da paling aktip sapoe sakali.geus ashar atawa geus magrib. Lolobana ka guru th kos ka babaturan. Amprok di jalan hare-hare we. Ngobrol jeung guru jiga nu rek pasea. Mun di sakola aya masalah di cepret ku guru Bebeja ka kolot. Hayoohh Ku kolot na di bela bari mawa pengacara.. Loba nu tawuran di kota.loba nu rusuh antar ormas di kota.. Tapi naha mun aya nu rusuh(pasea) mun aya nu anarkis sok di sebut kampungan. Da di kampung mah jarang aya nu kitu th.. (Duduluran kuat di kampung mah) Mun aya nu culak-cileuk di mall.tanggah ninggali gedung. Tah eta nu di sebut kampungan mah.. Loba nu sukses di kota jaradi jaradi jelma. Eta rata-rata asalna ti kampung.jarang orang kota asli.. #oded mah bangga jadi urang kampung da...!!!
Posted on: Mon, 18 Nov 2013 08:26:26 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015