Indah nya kebersamaan, riung mungpulung bokok ngaronyok (lamun cek - TopicsExpress



          

Indah nya kebersamaan, riung mungpulung bokok ngaronyok (lamun cek paribasa mah) tapi ulah pada bongkok helah urangmah dan ngarora keneh lain. sok tah, ayeuna aya komunikasi deui nu kapungkur urang2 sami barjuang babarengan neangan elmu nepi ka botak (siga iwan ato amir nya), silih saing pasae2 nilai, silih sumputken jawaban soal, komo aceng mah pelit pisan, lamun bs ngajawabteh meni ditutupan ku dada supaya urang te bisa niron ( rumasa belegug), tapi tetap urang teh gaduh tujuan anu positif. Urang bahela teh diemut2 satu atap sakola, berarti urang teh dulur kabeh, walau pun kaluar tina lobang anu beda, tapi tetap turunan ADAM lain, cek si mbah mah urang teh kudu silah asih silih asuh, silih jait silih tulungan, silih rangkul silih pikanyaah tapi poma ulah silih buka-bukaan nya pamali, komo lamu buka anderok mah teu kengin pisan dan tos aya nu gaduh sadayana lain, maksad teh tos masing2 aya nu gaduh he he he Tah eyena urang katimu deui, pa amprok jonghok. Salama 23 tau urang te pa amprok, tangtuna mang puluh2 taun loba pangalaman masing2, baik anu positif ato negatif. nah di tempat ieu ge urang bisa silih tuker pangalaman ( nganuhunkeu ka anu tos ngadamel FB). Urang silih gonjang silih ledek (rumaos abdimah tukang heureuy) tapi da dijero hatemah tetep weh nyaah ka sadayana. Cek kolot teamah "tak kenal maka tak sayang" cenah...bener kitu pari basa teh..bae ah salah ge nu penting mah tujuanan eta... Tapi omat nya ka dulur2, ulah aya paribasa "piring sa erak pasti aya ketrokna", urang kudu silih emutan jeng sili geingkeun da forum ieu teh sanes kanggo papasea an jeung kanggo nunjukeun aku siapa kamu siapa...... Forum ieu mah hanya untuk mengulang kenangan masa lalu...ya cek nano marno mah maksadteh (rano karno) "masa yg paling indah teh masa SMA"....... Omat nya ulah aya nu kasinggung sareng bendu lamun urang2 harereuy bari jeng silih tarok silih bobok jeung silih bukakeun anderok....etamah supaya tercipta ka akraban weh jeng kacipta suasana anu bahela, ker urang SMA..... Tah sakitu pesen ti abah mah, punteun nya lamun basa teuh campur2 dan rumaos teu tiasa lemes...maklum ngora bahela...he he he. Ieu mah sanes "mapagahan ngojay ka meri" tapi han saukur pang geing...
Posted on: Wed, 28 Aug 2013 22:00:32 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015